Kumpulan puisi cinta: ~simpay katrèsna~

Selasa, 13 Maret 2012

~simpay katrèsna~

 Endah lir ibarat bèntang 
Kucap kicep sing baranang 
Waas ku asih na urang 
Ngan ukur jadi kalangkang 
 Simpay katrèsna kamari 
Pegat di sabet balati 
Matak nyeri kana ati 
Mun èmut kana jangji
 Sanès akang hanteu cinta 
Perih namah baku kacida 
Ngan urang kudu rumasa 
Hirup mah obah ku mangsa 
 Asih urang mimingguan 
Carita nutup wekasan 
Kabagja ukur impènan 
Bongan di tilam kabohongan 
 Kahèman ukur rumasa 
Ngancik dina jero dada 
Akang teu bisa midua 
Najan hatè berat kacida 
Duh puputrèn asih ning ati 
Kembang soca panyinengan 
Sawang akang na lamunan
panglipur perih na ati 

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda


widgets